
Kisahna gadis biasa
Nu tinggalnateh di desa
Dirinateh nuju gundah
Pikiran sareng manahna
Teterang nu dilamuna
Nuju bingung pikirana
Nuju sedih naragana
Teu saperti biasana
Manahnateh nuju sedih
Atos ditingal kakasih
Anu banget dipiasih
Anu teu bisa patebih
Karaosna emang nyeri
Tapida kumaha deui
Abdi kur tiasa nampi
Kaputusan kangge diri
sanajan seer gaganti
Seer lalaki sajati
Tapi teu srek dina ati
Benten jeung anu kahiji
Abdi atos narimakeun
Kaputusan nu ti anjeun
Abdi atos ngaikhlaskeun
Sadayana disanggakeun
Yaallah pangeran abdi
Sing tiasa abdi nampi
Tina sagala cocobi
Utamina dina ati
Abdi wanita biasa
Jalmi hina seer dosa
Jeung abdi teh teu sampurna
Disoca anjeun salira
Ayeuna urang papisah
Jalan ge geus teu saarah
Muga muga anjeun bungah
Dipikiran sareng manah
Abdi atos ngarelakun
Diri anjeun dilepaskeun
Sareng atos mopohokeun
Sagala kenangan anjeun
Teu aya anu dipercaya
Iwal ti dzat nu ta’ala
Teu aya dzat nu dicinta
Iwalti diri nyalira
Manah atos ditutupan
Kangge nampi percintaan
Teu hoyong deui ngalaman
kana nami bobogohan
mencit hayam dina rakit
boboko wadah bakabut
lain geuring ku panyakit
kabogoh ditikah batur
mapay sawah kagalengan
lami bade katujuan
ulah seer kasedihan
Pasrahkeun we kapangeran

Pengen versi nyanyi yah donk
Bagus kak di tunggu yang lain nyah